Selasa, 20 Desember 2011

Jampe Urang Sunda Boga Ajen Sastra

SANAJAN waktu nyieunna lain keur kapentingan kurung-karang jiga jaman ayeuna tapi jampe bisa disebutkeun karya sastra sabab milih kekecapanana leubeut ku estetika basa.

JAMPE atawa mantra ceuk basa sansekerta mah, kungsi dipiwanoh ku urang Sunda. Jampe teh ucapan-ucapan atawa kalimah anu dianggap boga kakuatan gaib mun dipigawe bari samemehna dibarengan ku rupa-rupa pasaratan. Eta kakuatan gaib teh bisa dipake jang ngaleungitkeun kasakit, nyinglar bahaya atawa nyinglar bangsa dedemit. Mun mireungeuh kana kaperluanana, tetela jampe teh lain karya sastra. Tapi mun nilik kana pilihan kecap anu leubeut kuidiom-idiom anu kuat, jampe ku pangajen basa mah bisa diasupkeun kana karya sastra puisi. Lirik-lirikna boga kakuatan anu leubeut ku estetika basa. Kaendahan kecap kacida dicekelna. Dina ngarakit wirahma matak genah kadengena jeung kacida mangaruhan anu ngadengena.
Jampe teh rupa-rupa. Aya anu disebut ajian, nyaeta bacaan elmu gaib jang kapentingan gelut atawa jang nandasa deungeun, atawa kadugalan sejenna . Ajian anu baheula kungsi dipiwanoh, ajian Halimunan, sangkan awak urang teu katingali ku musuh, ajian Brajamusti eta mah elmu neunggeul, ari ajian Batukarang mah lian ti jang kawedukan teh oge bisa ngabogaan umur panjang. Aya deui ajian napak sancang ( sawareh nyebutna napak kancang). Eta mah ajian jang bisa lumpat gancang. Sakapeung lumpatna bisa dina luhureun beungeut cai, sakapeung dina luhureun jujukutan atawa pupucukan. Aya ajian jang meruhkeun musuh, nya kudu mapatkeun babacaanana, kieu :

Sima aing sima maung
Sima manusa satitik manggiri
Satangkal jeung badan
Marah sia geus kapungkas
Sangkiricik ngaran sia keur leutik
Sangkuricak ngaran sia keur budak
Kapingkas kapungkas amarah sia ku aing
Sing asih
Welas asih ka diri aing.

Jampe sejenna aya anu disebut asihan. Ari asihan mah pungsina jang ngabedol sukma batur sangkan bisa kapangaruhan. Contona asihan sangkan deungeun inget bae ka urang:

Asihan aing si taruk gadung
Sataruk nu matak lanjung
Salambar nu matak hayang
Sasoeh nu matak leweh
Sih asih ka badan awaking.

Jangjawokan teh bisa disebutkeun jampe sapopoe, sabab naon bae anu rek dipilampah kudu aya jampena, nya disebut jangjawokan. Ka jangjawokan paragi dibuat aya.

Sukma nu mipit, sukma nu dipipit
Tunggal badan kalawan nyawa
Nyi Pohaci Mayaherang
Nyi Pohaci Mayalenggang
Ulah geder ulah reuwas
Cunduk anu mupu
Datang anu ngala
Nya maneh sarasa tunggal
Kahanan sri kadunan
Kandi candoli aci permana dewa
Aci asihan.

Aya jampe nu disebutna rajah. Ieu mah keur sanduk-sanduk ka anu ngageugeuh di hiji tempat (mahluk gaib), menta paidinna sangkan ulah tugenaheun hatena atawa nyinglar pancabaya ti bangsa dedemit anu sok ganggu ka manusa.

Unu-unu di mana ngedeng
Ngedeng tong di mana-mana
Teuing ti peuting saiang
Pertiwi ti beurang
Saiang muntara lulun ali-ali
Batara guru bisi datang
Wisaya ti tukang tulang ka saiang
Batara gamblang bisi datang
Wisaya ti gigir bintih ku saiang
Naga gunting bisi datang
Wisaya ti hareup beulit ku saiang
Ngarajah bisi datang
Wisaya ti luhur tuduhkeun ku saiang
Naga gamblang muhung ruping
Bungtan ku layung batara guru. ***

Dikutip tina Majalah Sasakala Ujung Galuh No.6

| Free Bussines? |

Tidak ada komentar:

Posting Komentar