Selasa, 20 Desember 2011

Nyi Rambut Kasih ti Majalengka

Ti Karajaan Sindangkasih

NYI Rambut Kasih teh anu ngaratuan Karajaan Sindangkasih (kiwari Majalengka) tepikeun ka taun 1530.
Jaman diratuan ku inyana, karajaan ngalaman subur mamur gemah ripah lohjinawi, teu kurang sandang teu kurang pangan, pakaya bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah. Rayatna ajrih ka ratu, nu jadi ratu hormat ka rayat. Sanajan awewe tapi mingpin nagara kacida wijaksanana. Ratu bakal ngahukum jalm anu boga dosa sabalikna bakal mere pangajen ka anu boga jasa.
Nyi Rambut Kasih eureun tina kalungguhan lain dumeh dieureunkeun alatan teu kapake ku rahayat tapi alatan parobahan jaman. Ceuk catetan sajarah, Nyi Rambut Kasih narah diajak pindah agama. Batan kudu pindah agama, nya milih pindah kahirupan. Ceuk kapercayaan urang Sunda mah, Nyi Rambut Kasih teh ngahiang, pindah alam, sanajan pindahna tetep di dinya dinya keneh (Leuwi Lenggik?) ngan teu kabireungeuh ku manusa biasa sabab beda dimensi.
Ceuk sakaol, Nyi Rambut Kasih masih keneh bisa ngayakeun hubungan jeung manusa di mana perlu. Malah mah kungsi mere amanah-amanah jang urang Sindangkasih kiwari. Ieu di handap aya amanahna ngagunakeun basa jaman harita.

Marga tata ngalun dundana panceg
Sindang (raos) Kasih (mayas)
Sindangkasih panenjo kanyaah
Nu muncug na’ talaga hate
Lalakonna wios wae
Dipinungtungan ku kula
Mung ngancag di dieu
Mandrat kudu digalakkeun
Dupika jungkelikna tatar
Meun nyaah ka maha insan
Galung dipupuk ladang dipapak
Rasa diparas jiwa diraras
Anu dipake
kongkorong napas jeung panenjo
lain tingkah jeung polah
Kanyaah kula
moal tilas tepika taneuh regcag. ***

| Free Bussines? |

Tidak ada komentar:

Posting Komentar