Selasa, 20 Desember 2011

Gurat Badag Awal Sajarah Jawa Barat

Geus kanyahoan, yen Rd. Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkeun Prabu Hayam Wuruk (incu Rd. Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. Sabab Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd. Wijaya teh diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus, sarengsena upacara diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar agama Budha ti Thailand) teu apaleun kana sumpah Rd. Widjaya malah ngembarkeun sumpahna sorangan (Palapa) hayang nalukeun Nusantara.
Data-data artefax ngeunaan masyarakat Sunda, kapanggih dina :
1. Warta Cina: Dina taun 132 M raja YE TIAO nu ngaran TIAO-PIEN ngirim utusan ka Cina. Ye Tiao = Jawadwipa, jeung Tiao-Pien = Dewawarman.
2. Warta Ptolemeus; Dina taun 160 M saurang ahli elmu bumi urang Iskandariyah turunan Yunani, nu ngaranna CLAUDIUS PTOLEMEUS nulis catetan, nu sumberna ti pelaut Arab nu sering ngabuniaga ka India,nerangkan yen IABADIO = YAWA-DWIPA nagri nu subur. Aya kota dagang nu disebut ARGYRE = Kota Perak >Rajata pura, di SALAKANAGARA.
3. Warta FA-HIEN inyana pendeta Budha, samulangna ti India , balayar ngaliawatan laut kidul. kasarung tur angkleung-angkleungan hanjat ka hji pulo salila 5 bulan. Pulau teh disebut Ya-Va-Di dina tgl. 14 April tahun 414 M. Inyana nyebutkeun aya nagari endah tur badag, disebut TO-LO-MO = Ta ru ma (Nagara)
4. Prasasti, nu kapanggih aya 20 :
o Prasasti Karajaan Galunggung: di Geger Hanjuang (Tasikmalaya).
o Prasasti Karajaan Pajajaran: di Kabantenan (Bekasi), Batutulis (Bogor).
o Prasasti Karajaan Sunda:

1. Kawali (Ciamis)
2. Cibadak (Sukabumi)
o Prasasti Tarumanagara:

1. Ciaruteun (Bogor)
2. Kebon kopi (Bogor)
3. Pasir Gintung (Bogor)
4. Cidangiang (Pandeglang)
5. Tugu (Bekasi)
5. Titinggal Kuno:

o di puncak gunung Agrabinta , sawareh aya di sawaah(Cianjur selatan)
o di puncak gunung Padang (Ciwidey Kab.Bdg)
o di Dalem agung Pakungwati (Cirebon)
o di Sunyaragi (Cirebon)
o di Cangkuang (Garut)
o di Bojong Menje (Cicalengka)
6. Titinggal mangrupa naskah Kuno:

o Kropak No. 406 CARTA PARAHYANGAN ( Museum Pusat, Jkt).
o Kropak No. 630 SANGHYANG SISKSAKANDA KARESIYAN(s.d.a)
o Kropak No. 632 AMANAT TI GALUNGUNG (s.d.a)
o Kropak No. 410 CARITA RATU PAKUAN (s.d.a)
kabeh ditulis dina daun lontar.
o Naskah kuno PUSTAKA WANGSAKRTA sajarah ti 90 daerah di Nusantara nu ditulis tahun 1677 M.-1698 M. aya 52 nashkah kuno, nya eta:

1. PUSTAKA RAJYA-RAJYA I BHUMI NUSANTARA, 25 jilid.
2. PUSTAKA PARARATWAN I BHUMI JAWADWIVA, 12 julid.
3. PUSTAKA NAGARA KERTABHUMI, 12 jilid.
4. PUSTAKA CARITA PARAHYANGAN, 5 jilid.
Catetan kacindekan Mang Usep:
Ngadegna Karajaan di Tata Sunda, salila 14,5 abad, mimiti taun 130 M nepika.taun 1579 M. runtuyanana:
1. Karajaan SALAKANAGARA (Th. 130 M – 363 M.)
Pernahna: di Pulasari-Pandeglang
Piseur dayeuhna: Rajatapura (Kota perak)
Raja munggaran: AKI TIREM SANG AKI LUHUR MULYA
Disebut oge Panghulu Sunda. Hulu=sirah.> Pemimpin.
Raja kawentar: DEWAWARMAN
Agama Nagara: Sanghyang agama
Raja-raja liannya: - Pohaci Larasati; Dewawarman I npk.. Dewawarman VIII. (Prabu DARMAWIRYA DEWAWARMAN) Ku minantu Dewawarman VIII puseur karajaan dipindahkeun ka Jayasinghapura, ngadeg Tarumanagara.
2. Karajaan TARUMANAGARA(Th. 345 - 666 M.)
Pernahna di Bogor kulon.
Puseur dayeuh: JAYASINGHAPURA (Jasinga?)
Raja munggaran: MAHARESYI JAYASINGAWARMAN GURU DARMAPURUSA atawa RAJADIRAJAGURU.(mantu Dewawarman VIII –nikah ka Iswari Tunggal Pretiwi Warmandewi.
Raja kawentar: PURNAWARMAN.(Raja ka-3)
Agama Nagara: Hindu
Raja-raja sejenna:Aya 12, diantarana: Wisnuwarman, Candrawarman, Suryawarman, Kretawarman,Sudawarman,Nagajayawarman.Tarusbawa.
Tarumanagara 12 kali ganti raja. Ku Tarusbawa.minantu Nagajayawarman, poseur karajaan dipindahkeun ka Sundhapura(Bekasi) ngadeg karajaan Sunda
3. Karajaan SUNDA (669 M-1175 M)
Wewengkonna antara basisir kidul Sumatra (basisir Lampung_ npk. Kali Serayu di Jawa Tengah.
Puseur dayeuh: SUNDAPURA (Bekasi)
Raja munggaran: Prabu TARUSBAWA DARMAWASKITA SUNDA SEMBAWA.(mantu Nagajayawarman, ti Tarumanagara)
Raja pamungkas: DARMAKUSUMA.
Raja kawentar: SRI JAYABUPATI (mantu Erlangga,).
Agama Nagara: Hindu-Budha-Sanghyang
Raja-raja lianna: Rakeyan Kamuninggading; Rakeyan Jayagiri; Atmayadarma Hariwangsa; Limbur Kancana; Munding Ganawirya; Rakeyan Wulunggadung; Brajawisesa; Dewa Sanghyang; Sanghyang Ageng.; Langlangbumi, Menakluhur.
4. Kerajaan GALUH (620 M-1350 M).
Pernahna : di wetanneun Citarum npk. Cipamali-Jateng.
Puseur dayeuh : Galuh Pakuan (Kawali-Ciamis)
Raja munggaran : WRETIKANDAYUN (turunan Kudungga nu datang ka Sunda, jeung adina (Sang Kandiawan tur Sang Kandiawati), dibere tanah ku Purnawarman di wewengkon Nagreg, ngadegkeun karajaan Kendal. Nyieun candi Cangkwang di Bojongmenje (Cicalengka). Ngadeg karajaan Galunggung, ahirna ngadeg karajaan Galuh.
Raja kawentar: PRABU MAHARAJA LINGGAWISESA(nu gugur di Bubat).PRABU WASTUKANCANA.
Raja pamungkas : SANG MANARAH (Ciung Wanara)
Agama Nagara: Hindu-Budha.
Raja-raja liana: Sang Mandiminyak; Sena(Bratasenawa); Sanjaya; Sang Premana Di Kusuma; Rakeyan Tamperan Barmawijaya
5. Karajaan PADJADJARAN (1330 M – 1579 M).
Pernahna : di Bogor
Puseur dayeuh : Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran. (ngaran karaton, jadi ngaran puseurdayeuh, jadi ngaran karajaan).
Raja munggaran :Prabu Susuk Tunggal (Putra cikal Wastukancana ti Karajaan Sunda).Wastukancana ngabagi 2 Sunda, jadi Sunda jeung Galuh, da putrana 2: Sang Haliwungan gelar Susuk Tunggal +Ningrat Kancana gelar Dewa Niskala)
Raja kawentar: Prabu Siliwangi(Sri Baduga Maharaja, ngahijikeun deui Sunda+Galuh jadi Pajajaran).
Raja pamungkas: Prabu Sedah (Suryakencana).
Agama nagara: Hindu, Sanghyang, Islam.
Raja-raja liana : Dewa Niskala; Linggadewata; Amuk Murugul; Surawisesa; Gurugantangan; ,Ratu Dewata; Ratu Sakti Sang Mangabatan; Nilakendra; Ragamulya.
Padumuk (penduduk) puseur dayeuh Pakuan 48.271 jiwa, kaduabadag sanggeus Demak,49.197 jiwa, ka tilu, Pasai, 23.121 jiwa.
Dina tanggal 11 paro-terang, bulan Wesaka, taun 1501 Caka sarua jeung tgl. 11 Rabiul awal 987 Hijriyah atawa tgl. 8 Mei 1579 M. puseurdayeuh Pakuan Pajajaran Sirna ing Bhumi ,nyakitu puseurdayeuh heubeul Pajajaran(Salakanagara) di Pulasari Pandeglang.beak dijorag pasukan Banten, Cirebon, jeung Demak.
6. HUBUNGAN KULAWARGA
MIMITI Ti pamarentahan Purnawarman di Tarumanagara, aya hubungan getih/kekerabatan, jeung KUTAI /BAKULAPURA .(putrid cikal raja Kudungga.). Aswawarman-putra Purnawarman, ti orok keneh, dicandak ti Taruma, dirorok ku eyang ti pihak Ibu ( Kudungga.) jadi raja Kutai. engkena digentos ku Mulawarman.Putu Mulawarman jadi raja munggaran di Sriwijaya,Palembang.
Hubungan getih/kekerabatan saterusna sina mangsa karajaan Sunda.Putra mahkota karajaan Sunda, migarwa putri ti Sriwijaya.
Kakulawargaan diteruskeun, ku nikahna putra mahkota karajaan Galuh, RAKEYAN DARMASIKSA ka putri Mahisa Campaka ti Singosari. nu
ngalahirkeun Rd.WIJAYA. ti burey diaping ku Patih Pakuan RAKEAN BANYAKWIDE (Diangkat jadi bupati Madura, jujuluk ARYA WIRARAJA). Masih kajadian deui, Sri Jaya Bupati, Raja Sunda, nikah ka putri Erlangga ti Kuripan Jawa Timur. Terus Sanjaya (Raja Galuh) nikah ka putri RATU SHIMA/ RATU BHAKA/ di Jawa tengah. Sagala rupa pernikahan ka urang tatar wetan, ANCUR, TEUMEUNANG, CADU, BUYUT sabada “peristiwa BUBAT”.
Ngadegna karajaan Islam Cirebon jeung Banten, mangrupa seler karajaan Pajajaran.(Drs.Asep Idjuddin)

| Free Bussines? |

Tidak ada komentar:

Posting Komentar