Selasa, 20 Desember 2011

Kalangkang Karajaan Galunggung

Amanat Galunggung:
Hananguni hana mangke
Tan hana nguni tan hana mangke
Aya ma beuheula hanteu tu ayeuna
Hanteu ma beuheula hanteutu ayeuna
Hana tunggak hana watang
Tan hana tunggak tan hana watang
Hana ma tunggulna aya tu catangna

Aya baheula aya ayeuna
Mun taya baheula moal aya ayeuna
Lantaran aya mangsa bihari aya mangsa kiwari
Aya tunggak pasti aya tangkal
Mun taya tunggak tangtu moal aya tangkal
Mun aya tunggulna pasti aya catangna

Sri Jayabhupati wafat taun 1042 M. Diganti ku putrana nu jenengan Prabu Darmaraja Jayamahen Wisnumurti Sakala sundabuana (1041-1065 M.) atawa disebut oge Sang Mokteng Winduraja. Jadi inyana dipusarakeun di Winduraja. Eta ngaran tempat nu nyumiratkeun kapurbakalaan teh kiwari pernahna desa Winduraja Kacamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. Aya kamungkinan yen sabada wafatna Sri Jayabhupati, puseur pamarentahan karajaan dipindahkeun ka wetan,nepi ka taun 1187 M., teu di Pakuan deui. Incu buyut ieu raja teh, nya eta Prabu Darmakusumah( 1157-1175), sarua dipusarakeun di Winduraja.

Prabu Darmaraja diganti ku putra mahkota,nya eta Prabu Langlangbumi.(1065-1155)atawa Sang Mokteng Kerta. Mungkin oge salahsaurang incuna dipigarwa ku raja Kadiri-Janggala, Maharaja Jayabuana Kesanananta Wikramotunggadewa (1102-1104), nu disebut oge Prabu Surya Amiluhur. Ieu raja teh ngan marentah 2 taun sabab kakawasaanana direbut ku Jayawarsa Digjaya Sasraprabu. Prabu Jayabuana(Sang Amiluhur) kabur ka Jawa Barat sabab permaisurina asalna ti Galuh. Teu mustahil kawasna raja ieu nu disebut Prabu Banjaransari teh nu ngungsi ti Kadiri, dina Babad Galuh.

Peristiwa sajarah nu narik ati dina mangsa pamarentahan Prabu Langlangbumi, aya warta nu dimuat dina prasasti Geger Hanjuang, atawa prasati Galunggung (kapanggih na di gunung Galunggung), ieu prasasti teh kapanggihna dipasir Geger Hanjuang,ku rahayat didinya disarebut Kabuyutan Linggawangi,pedah ayanadi desa Linggawangi, Kacamatan Leuwisari Kabupaten Tasikmalaya.Ayeuna disimpen di museum pusat make nomer D-26. Eusi prasasti teh ditulis dina aksara jeung bahasa Sunda kuno, nu babari dibaca. Sanajan ngan 3 baris parondok, tapi aya tanggal jeung taun:
Tra ba I gune apuy na-
sta gomati sakakala rumata-
K disusu (k) ku batari hyang pun

Prasasti teh make tanggal tra (trayodasi = ka 13) ba (badramasa = bulan Badra) atawa tanggal 13 bulan Badra (Agustus-September), taun I (gomati) 0 (nasta) 3 (apuy) 3 (gune). Harti sacerewelena: Dina poe ka 13 bulan Badra taun 1033 Saka Rumatak (anggeus) disusuk ku Batari Hyang. Kulantaran teu disebutkeun paksa (satengah bulan)dina ieu prasasti digunakeun system amanta (Perhitungan tanggal ti bulan anyar ka bulan anyar) nu itungan tanggalna dituluykeun nepi ka 30. Perhitungan nurutkeun tarih Masehi kira-kira 21 Agustus 1111 M. Rumatak nu ku padumuk didinya disebut Rumantak nya eta tempat urut puseur dayeuh karajaan Galunggung, nu aya deukeut pasir Geger Hanjuang. Disusuk hartina dikuriling ku walungan keur pertahanan. Warta kawas kitu bias oge kabaca dina prasasti Kawali jeung Batutulis Bogor. Ku kituna Batari Hyang teh pasti nu ngawasa karajaan Galunggung harita, tangtuna ge turunan atawa ahli warisSempak Waja nu ngadegkeun karajaan Galunggung. Ieu prasasti ngagambarkeun yen perjangjian Galuh taun 739 masih keneh dipihormat. Dina kropak 632 Batari Hyang disebut nu nyusuk na Galunggung. Ajaran nutinulis dina eta naskah disebut sabage ajaranana.Ieu tokoh teh dina kropak 630 (Siksa Kanda(ng) Karesian) nu disebut Sang Sadu Jati (Sang wijaksana atawa Sang Budiman) unik pisan, sabab nu “nyipta” ajaran ngeunaan hirup nu kudu jadi cecekelan para raja jeung rahayatna teh, istri. Naha Batari Hyang bet ngawangun walungan keur pertahanan puseur dayeuhna? Can aya kajelasan nu pasti.Boa meureun pedah nempo kanyataan akakawasaan karajaan Sunda-Galuh nu aya wetaneunana, atawa meureun aya alesan sejen. Karajaan Galunggung bias mertahankeun., eksis,sabada karajaan Galuh jeung Sunda rubuh. Dina awal abad ka 18 sesa eta karajaan aya keneh dingaranan “kabupaten Galunggung”,tur pernahna di kacamatan Singaparna. Kusabab alesan historis, padumuk kampung Naga, di Salawu,tara nyebut Singaparna,tapi keukeuh Galunggung.

Dina tradisi heubeul, Galunggung dianggap puseur sumber elmu, sabab ti saprak diadegkeunana mangrupa “karajaan agama” . Wates-wates alas Galunggung nurutkeun fragmen Carita Parhyangan, nya eta: Gunung Sawal di Kaler, Pelang Datar, di Wetan, jeung Ciwulan di Kidul. Aya hiji naskah nu dipibanda ku saurang inohong Singaparna ( Basana Sunda, hurufna Arab) asalna tina mangsa bagean ahir abad ka 19, masih keneh nyebut ngaran Sempak Waja, di antara entragan awal karajaan Galunggung. Sempakwaja masih mindeng disebut dina doa jeung mantra, inyana geus “di dewakeun” ku jelema.

Darmasiksa Raja Hiji-Saparapat Abad
Prabu Langlangbumi diganti ku putra mahkota , Rakeyan Jayagiri Prabu Menak Luhur (1155-1157 M.)Sabada wafat diganti ku Prabu Darmakusuma 1157-1175 M), raja ieu ge dipusarakeun di Winduraja. Dina sumber-sumber nu nyampak, eta raja-raja teh ngan disebut ngaranna saliwatan. Kisah nu rinci ngan ngeunaan tokoh raja saterusna nya eta Prabuguru Darmasika alias Prabu Sanghyang Wisnu.
Nurutkeun naskah kuno Carita Parahyangan Darmasika marentah/jadi raja salila 150 taun, tapi dina fragmenna ngan disebut 122 taun, sarua kawas dina naskah-naskah Wangsakerta ngan nyebut 122 taun(1097-1219 S) sarua jeung 1175-1297 M. Pikeun bahan babandingan, aya 10 raja di Jawa Timur nu sajaman jeung Darmasika . Inyana jadi raja sanggeus 16 taun Prabu Jayabaya (1135-1159 M) ngadeg raja, raja Kadiri-Janggala nu sempet keneh nyaksian ngadegna karajaan Majapahit (1293 M). Untuyan carita ringkes ngeunaan Darmasiksa dina Carita Parahyangan:
Sang Lumahing Winduraja miseuweukeun Rakeyan Darmasiksa. Metu Patanjala Sakti,menta lemah kaintar ti Sanghyang Sempakwaja Basa diintarkeun bayu, basa nyiyan satwa diintarkeun ka Saunggalah ku Rahyang Sempakwaja. Dingaranan Sang Kamarsaya ku Sanghyang Sempakwaja.

Anggeus ta dipenta ku Keyan Darmasiksa na Saunggalah. Dibikeun ku Batara Danghyang Guru kena nyilihan Sanghyang Sempakwaja. Dibikeun ku Danghyang Guru.
Anggeus ta dieusikeunan Keyang Darmasiksa na Saunggalah. Diheuleutan: hangat Cipalebakan, alas ti kidul heuleutna Geger Gadung.Geger HandiwungPasir Taritih di ,uhara Cipager Jampang. Heuleutna ti Windupepet Manglayang,Padabeunghar.
Sakitu diberean alas Rakeyan Darmasiksa ku Batara Danghyang Guru di Galunggung. Heubeu sya ngadeg di Saunggalahdwawelas taun, deung anak sang raja putra dieusikeun na saunggalah.
Memeh angkat ka Pakwan ngadegkeun premana di Saunggalah lu Rakeyan Darmasiksa. Ti inya angkat ka Pakwan.

Datang ka Pakwan mangadeg di kadarwan Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Angeus ta pahi dieusian urut sri para pasela para sanghyang ti beh kidul, kulon wetan tinapara paselapara hyangan ku Rakeyan Darmasiksa.Ti inya dibeukah kabwatan.
Kacarita Rakeyan Darmasikaheubeul sya ngadeg di Pakwan saratus sapuluh taun.Heubeul sya adeg ratu di Pakwan Pajajaran pun.
Tarjamahna: Nu tilem di Winduraja kagungan putra Rakeyan Damasiksa, lahir titisan Sang Patanjala nu Sakti, tuluy menta lahan “pangungsian” (warisan) ti Rahyang Sempakwaja. Waktu (kulawargana) disingkirkeun musuh jeung basa nyusun kakuatan , (Sang Demunawan) diungsikeun ka Saunggalah ku Rahyang Sempakwaja.

Geus dipenta ku Rakeyan Darmasiksa lahan di Saunggalah.Di bikeun ku Danghyang Guru, da (Batara Danghyang Guru), ngaganti kalungguhan Rahyang Sempakwaja. Dipasrahkeun ku Danghyang Guru.
Beres Rakeyan Darmasisksa di tempatkeun di Saunggalah, dibee wates: Lengkob Cipalebakan, Beulah kidul watesna Geger Gadung, Geger Handwung,Pasir Taritih,di muara Cipager Jampang. Wates ti Windupepet nya eta Gunung Manglayang jeung wewengkon Padabeunghar. Sakitu legana Rakeyan Darmasiksa dibere lahan ku Danghyang Guru di Galunggung.
Ianyana nyakrawati di Saunggalah salila 12 taun jeung putrana, Sang Raja Putra, ditempatkeun di Saunggalah.
Samemeh angkat ka Pakuan, Rakeyan Darmasiksa nunjuk nu nyekel kakawasan di Saunggalah, kakara angkat ka Pakuan.
Anjog ka Pakuan, jeneng raja di karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati, beres ditempatan urut para raja nu tiheula,para luluhur ti sisi kidul,kulon,jeung wetan, tina tempat para raja jeung karuhun baheula ku Rakeyan Darmasisksa.Di legaan ku wawangunan anyar.

Disebutkeun Rakeyan Darmasiksa ngadeg raja di Pakuan 110 taun, lila inyana jadi raja di Pakuan.
Tina eta untuyan carita katangen yen Rakeyan Darmasiksa ngadegkeun puseur pamarentahan anyar, di kawasan nu kaasup wewengkon turunan Sempakwaja. Ditemo tina jihad watews-wates wewengkonna jeung tina carita perjalanan Bujangga Manik (abad ka-15)lokasi lahan nu dibikeun ka Darmasiksa aya di Tasikmalaya kidul Beulah kulon. Karaton anyar nu diadegkeunana disebut Saunggalah, sangaran jeung karaton Resi Guru Demunawan di Kuningan.meureun Saunggalah dina mangsa kahareupna nu disebut Saungggatang atawa Saungwatang nu pernahna deukeut Mangunreja.Eta tilu ngaran teh, hartina imah panjang, ngaran nu pantes keur nyebut istana dina mangsa harita. (Drs.Asep Idjuddin)

| Free Bussines? |

Tidak ada komentar:

Posting Komentar