Sakumaha anu dijelaskeun ti heula, yen Tarusbawa diistrenan jadi raja Tarumanagara, ngaganti mertua (Maharaja Linggawarman) dina taun 669 M. Taun 670 Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan jadi karajaan SUNDA, puseurdayeuhna di Purasabha Sundapura, wewengkon Bekasi ayeuna, dipindahkeun rada ka jero (pedalaman), ka wewengkon Batutulis-Bogor ayeuna. Akibat ngaran karajaan diganti, dijieun kasempetan ku Wretikandayun (ngadegkeun karajaan Galuh taun 612 M), pikeun misahkeun diri tina kakawasaan Tarumanagara. Tarumanagara di bagi dua kalawan watesna Citarum.
Ka Beulah kulon wewengkon Sunda, ka wetan wewengkon Galuh atawa Parahyangan. Tarusbawa mindahkeun karaton puseur pamarentahan teh, kacatet dina kropak no. 406 nu unina : Di inya urut kadatwan, ku bujangga Sedamanah, ngaran sri kadatwan Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Anggeus ta tuluy diprebokta ku Maharaja Tarusbawa deung bujangga Sedamanah. Disasar ka hulu cipakancilan, katimu Bagawat Sunda Mayajati, ku bujangga Sedamanah dibaan ka hareupeun Maharaja Tarusbawa. "Di dinya urut karaton nu ku Bujangga Sedamanah dingaranan Sri Kadatun Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Sanggeus beres diwangun, diberkahan ku Maharaja Tarusbawa jeung bujangga Sedamanah. Diteang ka hulu Cipakancilan, di dinya kapanggih Bagawat Sunda Mayajati; ku bujangga Sedamanah dibawa ka hareupeun Maharaja Tarusbawa".
Dina naskah Carita Parahyangan kanyahoan yen engkena nu ngeusian karaton nu ngaran kitu teh, Sri Baduga Maharaja, nu kasohor disebut Ratu Sunda atawa Ratu Pakuan. Katerangan sejenna nu kawas kitu teh, kapanggih deui dina Pustaka Nusantara II/3 kaca 204-205 nu unina ; Hana pwanung mangadegakna Pakwan Padjadjaran lawan kedatwan Sang Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati ya ta Sang Prabu Tarusbawa. " Aya pun nu ngadegkeun Pakuan Padjadjaran jeung karaton Sang Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati nya eta Maharaja Tarusbawa" Tina adegan karaton nu 5 ngajajar (dina naskah sejen disebut Panca persada-5 wangunan karaton) disebut Pakuan Padjadjaran (lain tangkal paku nu ngajajar; Pakwan = Pakuwon = Pakuwuan/tempat marentah=karaton) .
Ngaran karaton ngalegaan hartina jeung maksudna tina panafsiran jalma sejen. Nepi ka kecap Pakuan Padjadjaran robah tina ngaran karaton jadi ngaran karajaan. Kawas Ngyogyakarta Hadiningratan robah jadi ngaran wewengkon Jogjakarta. Dina naskah sejen ngaran puseur dayeuh pamarentahan karajaan Sunda teh nya eta karaton PAKUAN PADJADJARAN SRI BIMA PUNTA NARAYANA MADURA SURADUPATI. Disarebut tungtungna wungkul PAKUAN PADJADJARAN. Mimindengnangna mah disarebut PADJADJARAN we wungkul.
Dina prasasti-prasasti titinggal Sri Baduga, nu kapanggih di wewengkon Bekasi, digunakeun tilu ngaran; Pakuan Pajajaran; Pakuan (tanpa pajajaran); Pajajaran. Urang Sunda, condong nyarebut Pakuan keur ngaran ibukota/puseur dayeuh(Tom Pires, dina The Summa Oriental-Th.1513,nyebutna DAYO) jeung Pajajaran keur ngaran karajaan. Malah ngaran karaton nu panjang oge disingget cukup ku nyebut SRI BIMA we.
Pakuan diadegkeun ku Prabu Tarusbawa nu ngawasa salila 54 taun (669-723 M) bisa dihartian yen Pakuan teh puseur dayeuh karajaan SUNDA, nu diadegkeun dina kwartal ka hiji, abad ka 8 Masehi. Wangunan karaton sababaraha kali diomean, ku raja-raja Sunda saterusna, najan wangun jeung ngaran mah teu dirobah. Dina kropak No. 406 disebutkeun yen karaton dipunar (direhabilitasi ) ku Prabu Darmasiksa jeung Prabu Susuktunggal.
Pernahna/ lokasi karaton aya dina lemah-duwur (lahan datar di luhur pasir) dihapit ku tilu walungan nu gawir-cadasna gurawes, nya eta walungan; Cisadane, Ciliwung, jeung Cipaku. Ditengah karaton ngamalir walungan Cipakancilan, nu huluwotanna disebut Ciawi. Pakuan Pajajaran di kuriling ku gawir nu nangtawing di tilu madhab/sisi. Ngan hiji sisi kulon-kaler (tenggara), kota teh ngawates ka padataran. Lebah dieu diadegkeun benteng/kuta nu weweg luhurna 7m, lebarna/legana 5m. Bagean luhurna dikuatan ku batu (kawas di Karang Kamulyan, urut puseur dayeuh Galuh). Di luareun benteng, di kali solokan/parit gede, mangrupa wangun negative tina benteng. Taneuh nu meunang ngali tina solokan, dipake benteng.
Jadi tina dasar solokan mah jangkungna benteng teh 14 m. Dina katerangan sejen, solokan/parit nu legana 4 m jeung jerona 7 m teh, dikemplang/dicaian. Di dua Beulah sisina,Beulah luar jeung deukeut benteng, dipager ku pager weweg/kai golondongan nu tungtunga diseukeutan. Kaluar-asup ka Pakuan make panto-gerbang khusus kawas sasak nu bisa diturun-unggahkeun. Eta sababna Pakuan Pajajaran hese ditarajang musuh, boh ti tukang, atawa ti hareup. Jadi ti mimiti Maharaja Tarusbawa (abad ka dalapan) nepi ka abd ka 16 (1579) ibukota/puseur dayeuh karajaan Sunda angger di Pakuan Pajajaran.
Aya katerangan sejen, yen nu ngadegkeun Pakuan Pajajaran teh Sri Baduga Maharaja alias Prabu Siliwangi, dina taun panca pandawa ngemban bhumi (5521 macana dibalikkeun 1255 + 78 taun (bedana jeung taun Masehi) jadi = taun 1333 M. Taksiran Sri Baduga lain ngadegkeun, tapi NGAREHAB (punar). Bisa direhab karatonna, bisa oge nu direhab/diwewegan/dialusan teh solokan/paritna.
Mun dibandingkeun jeung karaton Galuh, Pakuan Pajajaran leuwih ngora 58 taun. Sabab Galuh diadegkeun ku Wretikandayun taun 612 M. Karaton Pakuan Pajajaran taun 670 M. Antara Tarusbawa jeung Sri Jayanasa (nu ngadegkeun karajaan Sri Wijaya) aya hubungan kulawarga (adi beuteung), sabab Tarusbawa kawin ka Dewi Manasih, adi Manasih Sobakancana kawin ka Sri Jayanasa, Dewi Manasih jeung dewi Sobakancana, anak Prabu Linggawarman. Jadi Tarusbawa jeung Sri Jayanasa sa-mitoha. Kabeneran Tarusbawa jeung Sri Jayanasa diistrenan jadi raja bareng dina taun nu sarua (669 M).
Nu ngahudang kapanasaran, dina kamekaran saterusna, naon sababna boh SRI WIJAYA boh karajaan-karajaan di Jawa Timur, mimiti Mamenang, Kadiri, Singosari, nepi ka MAJAPAHIT teu wani NARAJANG/NYERANG ka karajaan SUNDA? (Drs.Asep Idjuddin)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar