Selasa, 20 Desember 2011

Romantika Ki Mas Tanu

Paguneman Tanujiwa
Jeung Haji Prawatasari

RÉGENT atawa Bupati Tanujiwa timbul sipat héroikna dina ngabéla bangsa, sanggeusna didatangan ku Haji Prawatasari ka markasna di Kampung Baru. Harita inyana keur reureuh di kamarna, ujug-ujug ngabedega Haji Prawatasari, teuing ti mana asupna. Tanujiwa rada geumpeur sabab geus kadéngé béja yén pangagung pribumi anu biluk ka Kumpeni mah, pasti dipaténi.
Tapi tétéla Haji Prawatasari nyulundup ka jero kamar Tanujiwa sacara demit, lain rék ngakalakeun jiwana.
“Andika boga kakuatan pikeun buméla ka bangsa sorangan, lamun mah enya andika cicing di dieu maksudna keur kapentingan bangsa sorangan,” saur Kangjeng Haji. Ki Mas Tanu acan leungit geumpeurna. Manéhna masih kénéh mikir, kumaha carana Haji Prawatasari bisa nyulusup ka jero kamar, padahal di éta lingkungan rajeg nu jaga. Jadi, lamun mah Haji Prawatasari niatna rék ngakalakeun, geus moal bisa kumaha.
“Kumaha, sanggup teu bajoang jang kapentingan Sunda tapi moal nampa pamulang tarima, kajaba pangjejeléh jeung panghina?” saur Kangjeng Haji deui.
Kalawan teu mikir dua tilu kali, Tanujiwa némbalan: “Sanggup!” pokna tatag.
“Anjeun geus aya di jero kakuatan musuh, kudu bisa miteskeun éta kakuatan. Carana, anjeun kudu daék jadi juru telik, katut mantuan ngancurkeun kakuatan Kumpeni ti jero,” saur Kangjeng Haji. Ki Tanujiwa unggut deui baé.
“Ieu téh ukur paguneman urang duaan. Montong deungeun, dalah indung suku gé montong dibéjaan.”
Ki Tanujiwa unggeuk.
“Beuki sia dijejeléh ku urang Sunda, beuki sia dipercaya ku Kumpeni. Wayahna, tepi ka sia kojor, boa tepika ahir jaman, ngaran sia tetep jadi geuleuh keumeuhna urang Sunda. Ieu keur kapentingan perjoangan. Sanggup?”
“Sanggup.”
Geus kitu duaan badami néangan réka perdaya sangkan urang Sunda beuki geuleuheun jeung Kumpeni beuki percayaeun ka Ki Tanujiwa. Nya ti kamar ieu nu aya di Kampung Baru lahirna lalaguan “Ayang-ayang-gung” téh. Tata rumpakana lain anu kiwari dipiwanoh da nu ayeuna mah ladang nyieun deui dina abad 19 téa. Tapi sakumaha ceuk paguneman harita, hasilna jang Ki Tanujiwa mémang teu robah. Tug ka kiwari, Tanujiwa tetep dianggap jalma anu hianat ka bangsa. Nu nyusun sajarah Bogor luareun Kumpeni, tetep teu ngaku Tanujiwa salaku pendiri Bogor. Bupati munggaran Kabupatian Bogor, nu dicatetkeun, lain Tanujiwa."*****

| Free Bussines? |

1 komentar:

  1. Hapunten sateuacana, sakaterang abdi 'Ayang ayang gung' dikarang ku R. Moch. Moesa' pangulu bintang ti Garut.
    Hatur nuhun

    BalasHapus